Sajarah


Sajarah Desa Dadiharja



RINGKESAN SAJARAH DADIHARJA
            Sateuacan ngadeg Desa Dadiharja diwangun ku opat desa
1.                        1.  Desa Cigintung
Desa Cigintung kawilang desa anu pang kahotna, dina harti pangheulana ngadeg di wewengkon Dadiharja kiwari. Numutkeun pitutur sepuh anu kapungur, saméméh islam asup ka Indonesiam di wewengkon Cigintung geus ngawujud masyarakat
Runtuyan kuwu anu kungsi mingpin di ieu desa
1.      Ki Sudi
2.      Ki Tjandrayuda
3.      Ki Saita
4.      Ki Edo
5.      Ki Patjar
6.      Ki Masnap
7.      Ki Murkawa
8.      Ki Arsayuda
9.      Ki Tjandrayuda
2.                       2. Desa Janglapa
Asal muasal désa Janglapa, pindah ti Desa Cigintung anu lobana 17 tugu kalay, diluluguan ku Ki Salaji dina waktu harita teu sadia diangkat jadi kuwu, kapaksa anu jadi kuwu téh Ki Benteng, mandor turum ti Bantardéngdéng
Runtuyan kuwu anu kungsi mingpin di ieu désa
1.      Ki Benteng
2.      Ki Marja
3.      Ki Wiramanggala

3.      Desa Curug
Désa curug ngadeg dina jaman cultur stelsel. Asalmuasalna mah pindah ti Desa Sindang, diwangun ku 18 tugu, anu ngaluluguan nya éta Ki Masdia
Runtuyan kuwu anu kungsi anu mingpin di ieu désa
1.      Ki Masdia
2.      Ki Barid
3.      Ki tjandrayuda
4.      Ki Suramanggala
5.      Ki Newi
6.      Ki madkasan
4.      Desa Bantardengdeng
Desa bantaradengdeng ngadegna diawal jaman culture stelsel pindahan ti Desa Kawunglarang, anu ngaluluguan nya éta Ki Arinta
                        Runtuyan anu kungsi mingpin ieu désa
1.      Ki Arinta
2.      Ki Alih
3.      Ki Kertayuda
4.      Ki Nala
5.      Ki Tjandrajuda
6.      Ki Arsamanggala
Dina waktu keur dipingpin ku Ki Alih Desa Bantardengdeng ngalaman pindah ka Bulak Lega, kurangleuwih opat tugu anu ahirna ngawangun Cimuncang diluluguan ku Ki Kasjan
Dina jaman Kuwu Ki Kertayuda anu ti Bubulak Lega pindah deui ka asal (Bantardengdeng) kiwari
Digabungkeun tilu désa jadi hiji (Desa Dadiharja, Desa Janglapa, Desa Curug) dina tanggal 1 juli 1909 kalayan surat ti kaputusan residen priangan kalayan dibéré ngaran Cigintung. Ari Desa Bantardengdeng mah dina waktu harita masih mandiri
            Réng-réngan pangurus Desa Cigintung
Pradjawidjaja                          Kepala Desa
Argasasmita                            Juru Tulis
Atnedja                                         ‘’
Riksang Iprana                              ‘’
Wiradinata                              Ngabihi
Satjaprana                                    ‘’
Atmasantana                                ‘’
Sarapradja                               Lurah
Satjaadiraksa                                ‘’
Satjaadiraksa                                ‘’
Satjaperwata                           Polisi
Kartangayuda                                          ‘’
Mertalaksana                                ‘’
Arsamanggala                              ‘’
Raksaperwasa                              ‘’
Ardangi                                   Amil
Muhasan                                      ‘’
Alimukasan                                 ‘’

Ngadegna Desa Dadiharja dina tanggal, 9 Maret 1923. Kalayan surat Kaputusan Residen Priangan, Desa Cigintung jeung Desa Bantardengdeng digabungkeun jadi hiji; kalayan dibéré ngaran: DESA DADIHARJA.
Runtayan kuwa anu mingpin Desa Dadiharja:
1.      Arsadiredja, nyepeng kalungguhan salami 40 taun.
2.      G. Atmasasmita, nyepeng kalungguhan salami 5 taun (1944 – 1949).
3.      Achmad Hamim Hadiwijaya, ngawitan nyepeng kalungguhan ti taun 1949
4.      --------------
5.      --------------
6.      --------------
Jst
Ieu ringkesan sajarah téh kénging nyutat tina buku anu disusun ku: Bapak  Achmad Hamim Hadiwijaya