1. Bismillah mitutur galur,
Dadiharja nu kawarti,
nu asalna opat desa,
nstu parahi mandiri,
Bantardengdeng jeung Janglapa,
Cigintung Curug diwincik,
2. Janglapa Cigintung Curug,
tilu desa jadi hiji,
dinataun nol salapan,
dua desa anu resmi,
Desa cigintung utama,
Bantardengdeng anu kari,
3. Taun dua puluh tilu,
sasih Maret nu nastiti,
S. K Residen Priangan,
lahirna Desa Pusaka,
Dadiharja anu pasti,
4. Desa ngagaludra ngupuk,
diaping ku pasir wukir,
Gunung Sangkur – Pasir Bentang,
Gunung Pataka ngajegir,
nawa mawat ka ra’yatna,
Gemahripah loh jinawi,
5. Cigintung tutugan gunung,
di palisir pasir-pasir,
di solendang ku Cijolang,
di riung kampung ngabaris,
Bantardengdeng jeung Cimulya,
Curug – janglapa ngahiji,
6. Rangkuman pupuhulembur,
ujaring nu mere wangsit,
Yuda - Manggala – Wijaya,
turun para pangaping,
Mekar nyebar ngemban Desa,
Bagilir mingpin ngajaring,
7. Tiap jaman teu ngarugu,
ra’yat leber ku kawani,
iklas korban pantang nyanggah,
nembongkeun luhurna budi,
tabah milampah sosial,
Ngabdi kananu maha suci,
8. Cigintung jajantung lembur,
Janglapa ahli ngabakti,
Bantardengdeng tihang jaya,
Curug panungtun rohani,
Cimulya mulya raharja,
Dadiharja ENDAH MUKTI,
9. Sakitu caturing galur,
laratan Desa diwincik,
titinggal para Barata,
titipan ti Nini Aki,
ku urang perlu dirumat,
malar Ra’yat Hirup Hurip,
Dadiharja: Tgl, 28 Januari 1975
Panitya Panyusun Kidung Pusaka Dadiharja
Sesepuh : ttd. (Zaenal Hakim)
A’anggota : ttd. (R. Somiraharja)
: ttd. (Nadi Nataeirya)
Ieu Kidung Pusaka Dadiharja dicutat tina buku kidung nu citakan kahiji mugia aya mangfaatna jeung mugia jadi hiji pangrojong pikeun panglengkep Desa Dadiharja nu gemah ripah loh jinawi