Jumat, 18 Maret 2011

Bangkong Réang

Bangkong Réang
Ku : A.F.Bustomi
Di antara kasénian nu aya di tatar Sunda mun dilenyepan deui jarang pisan kasebut nu ngarana Bangkon Réang. Beda jeung waditra kaseniaan sunda séjéna sapeti Calung jeung Angklung. Padahal Bangkong Réang sarua dijieuna tina awi, anu loba tuwuh subur di tatar sunda, teu beda jeung baha nyieun  Calung  jeung Angklung. Tapi sanajan kitu saeutik pisan urang sunda nu apal kana kasenian Bangkong Réang ieu.
Mun ditingali tina bentukna ieu alat kiasenian sunda téh percis pisan jeung Calung. Dipaénkeuna ku cara ditakol jeung dirampakeun tepika timbul hiji sora nu percis sora bangkong. Bangkong réang sorangan diwengku ku sababaraha alat, nya éta Kingking mangrupa paniru sora bangkong pangleutikna, Tongtong sora bangkong rada gedé, Jongjrong sora bangkong anu gedé jeung Brang sora bangkong pang gedéna,dina helarana kasenian Bangkong Réang sok dilengkepan ku Gendang,Goong jeung Juru sekar.
Dina sajaharahna ieu kasenian téh mimiti ayana di padésaan, di Cianjur. Saurang seniman Calung teu kahaja mangihkeun ieu kasenia Bangkong Réang, tina hiji kajadian nya éta katincakna bilahan calung tepika rengat. Tapi tina bilahan Calung éta lamun digeubug-geubugkeun kaluar sora nu unik nu mirip jeung sora bangkong.
Ieu kasenian téh ngadopsi rupa-rupa aliran musik saperti dangdut, karawitan,  jaipong jeung sajabana nu sipatna hiburang. Tapi sanajan kitu ieu kasenian hésé pisan bisa tuwuh subur di masyarakat sunda teu saperti Calung jeung Angklung nu geus kakoncara lain ngan saukur di tatar Sunda wungkul tapi geus sumebar ka alam dunya.
Dina kahirupan kiwari, nu sagalana geus kapangaruhan ku pangaruh luar, geus sakuduna kudu ngarawat kabudayaan jeung kasenian urang sorangan hususna bangkong Réang, tong tepika ieu kasenian téh tumpur. Lamun di lenyepan deui mah ieu kasenian téh mangrupa kasénian anu ngabogaan poténsi pikeun ditémbongkeun ka masyarakat sadunya. Tinggal nu jadi pasoalan nana kumaha cara urang pikeun ngokolakeun ieu kasenian Bangkong Réang sangkan kakoncara jiga Calung jeung Angklung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar