Sabtu, 26 Februari 2011

Model Interaksi Brainstorming

A. Wangenan Brainstorming
Brainstorming geus lila dipikawanoh salaku téknik pikeun ngahasilkeun gagasan atawa ide kréatif saloba-lobana dina hiji kelompok. Intina brainstorming nya éta salasahiji bentuk sawala kelompok atawa musawarah nu miboga tujuan pikeun néangan solusi masalah. Masing-masing pamilon kelompok dituntut pikeun nepikeun ide-ide kréatif sacara spontan dina hiji sési khusus. Ngaguar ide-ide éta mangrupa bagéan tina proses problem solving atawa tahap ngumpulkeun gagasan salaku bahan pikeun ngaréngsékeun pasualan dina éta kelompok.
Téknik brainstorming mimitina diungkarakeun ku Alex Osborn dina taun 1953 dina bukunaApplied imagination. Ngaguar ide ku teknik ieu mimitina tina pamikiran Osborn nu boga pamadegan yén aliran ide spontan nu kaluar ti jalma réa leuwih hade tibatan gagasan meunang sorangan. Brainstorming ngacu kana ngaguar ide dumasar kréativitas mikir manusa. Pamilon sawala bébas nepikeun pamikiranana bari jeung taya kasieun kana kiritik jeung pangajén sabab salila tahap pangumpulan ide sakabéh gagasan bakal ditampung tapi teu méré labél hade atawa goréng. Prosés sawala jeung évaluasi bakal dimimitian nalika sakabéh ide geus béak kaguar jeung taya deui gagasan nu ngirut nu hayang ditepikeun ku pamilon kelompok.
Brainstorming sok diterapkeun dina format sawala kelompok nu ngawengku fasilitator, recorder, jeung pamilon sawala. Fasilitator miboga pancén pikeun ngatur aliran-aliran ide-ide pamilon sarta ngaping lumangsungna éta sawala sagemblengna. Lian ti éta ogé, recorder bakal nyatet sakabéh ide-ide kréatif nu kaluar nalika sési brainstorming. Idéalna, jumlah pamilon sawala antara 10-12 urang. Umpama pamilon sawala loba teuing, diperkirakeun waktu nu dibutuhkeun tangtu waé leuwih panjang pikeun ngagali ide-ide sakabéh pamilon.
Lian ti format kelompok, metode nepikeun gagasan ieu ogé bisa dilaksanakeun sacara individual. Di dieu individu bébas ngaéksporasi ide-idena nu ditepikeun dina bentuk mind map. Sanajan cara ieu hade diterapkeun pikeun pribadi introvert nu sering hésé nepikeun pamadeganana ka balaréa, tapi brainstorming sacara kelompok diajén leuwih éféktif lantaran ide ti balaréa bakal ngajembaran pamikiran sarta leuwih loba gagasan nu kaluar sacara spontan.
Dina sistem opersional pausahaan, brainstorming bisa diterapkeun pikeun ngaréngsékeun pasualan satra meunangkeun solusi nu béda-béda tina unggal sudut pandang karyawanana. Contona, angka penjualan produk hiji pausahaan beuki turun nu balukarna nya éta karugian nu gedé jeung dampakna kana turunna kualitas gawé pausahaan éta sorangan. Meeting unggal divisi pausahaan kudu diayakeun sacara rutin pikeun ngaréngsékeun éta pasualan. Tina sési brainstorming nu dilakasanakeun ku sakabéh tim gawé, pamingpin pausahaan bisa nga éksplorasi ide-ide kréatif nu kaluar ti anak buahna salaku solusi nu panghadéna pikeun pausahaan.

B. Tujuan jeung Mangpaat Brainstorming
Brainstorming miboga tujuan pikeun meunangkeun gagasan jeung ide-ide ti pamilon kelompokdina waktu nu relative singget, tapi taya sifat kritis anu ketat. Sedengkeun mangpaat nu bisa dicangking ku hiji tim gawé nu milampah brainstorming, diantarana:
1Ngaidentifikasi masalah
Téknik brainstorming cukup éféktif pikeun nalungtik sabab musabab masalah lantaran masing-masing pamilon sawala bakal ngaéksplorasi faktor-faktor nu nyababkeun masalah. Saréngséna sakabéh pamilon ngungkarakeun pamikiranana mediator bisa narik kasimpulan nu nyababkeun éta masalah.
2Nganalisis situasi
Pamilon sawala bakal ngaanalisis pasualan jeung situasi nu disanghareupan ku tim gawé dina waktu ayeuna.
3.       Ngalirkeun  ide-ide anyar
Mangpaat tina téknik brainstorming nya éta meunangkeun ide saloba-lobana ti para pamilon. Sakabéh pamilon bébas nepikeun ide nu kkréatif nu teu duwatesanan ku aturan-aturan anu tangtu.
4Nganalisis ide-ide
Aliran ide-ide jeung inovatif ti pamilon sawala bakal dianalisis dina sawala lanjutan. Panel sawala tuluy  bakal ngabahas ide-ide nu mana waé nu luyu jeung bisa diterapkeun pikeun ngungkulan ieu masalah.
5 Nangtukeun alternatif ngaréngsékeun masalah
Panél sawala nangtukeun alternative ngaréngsékeun pasualan dumasar ide-ide nu geus disapukan babarengan.
6Ngarencanakeun léngkah-léngkah jeung kagiatan nu bakal dilaksanakeun pikeun ngaréngsékeun masalah
Salasahiji mangpaat tina téknik ieu nya éta nyusun léngkah-lengkah satuluyna salaku tarékah ngabenerkeun masalah. Panel sawala bisa dirumuskeun perencanaan jangka panjang dumasar curah gagasan atawa sumbang saran ti pamilon brainstorming.

C. Metode Brainstorming
Dina  proses ngaguar ide, para pamilon kelompok nu kalibet dina sawala bisa make métode-métode nu bisa ngalancarkeun lumangsungna sawala kelompok.
Anapon métode nu bisa dipaké pikeun ngaguar ide kasebut diantarana:
1.       Putaran Bebas (Free Wheel)
Unggal pamilon sawala bébas nepikeun pamikiranana sabari teu kudu nungguan giliran atawa aturan anu tangtu. Sakabéh ide bisa ngalir lancar bari taya watesana nepi ka ieu métodé leuwih ngutamakeun kabébasan individu pikeun nyarita hareupeun balaréa.           Sanajan ieu metode leuwih bébas tapi aya  aturan nu kudu diturut ku masing-masing pamilon utamana Dina hal nepikeun pamadegan. Pikeun pamilon nu hayang nepikeun ide-ide kréatifna, manéhna teu bisa langsung nyarita tapi kudu ngacungkeun leungeun heula. Lian ti éta, sangkan taya masalah hiji pamilon ngadominasi sawala ku kituna unggal pamilon dibéré jatah waktu nu sarua dina unggal topik. Umpama aya pamilon nu can nepikeun pamadeganana, manéhna bakal dipaparinan kasempetan pikeun nyarita.
2Putaran Teratur (Round Robin)
Unggal pamilon boga giliran pikeun nepikeun pikiranana luyu jeung burutanana séwang-séwangan. Umpama jabagéan jalma satuluyna tapi manéhna can meunang ide, éta jalma bisa diliwat heula langsung ka giliran satuluyna.
Dina unggal puteran sawala, pamilon ngan diidinan pikeun nepikeun hiji ide wungkul. Nepikeun pamadegan bisa dilakukeun bagilir numutkeun posisi lingakaran jeung dilakukeun ti katuhu ka kénca. Salila tahap ngoléksi gagasan sakabéh pamilon teu meunang nepikeun paikiranana saacan giliranana. Dina metode ieu bisa diterapkeun sababaraha kali puteran nepi sakabéh ide ti pamilon béak kaguar.
D. Teknik-Teknik Brainstorming
Dina sési brainstorming loba téknik nu bisa dipaké saperti téknik Freewriting, Listing/ Bulleting, Cubing jeung nu séjénna.dina ieu bagéan bakal dijéntrékeun uraian singget ngeunaan ngeunaan téknik-téknik kasebut.
Di handap aya sababaraha téknik brainstorming nu hade diterapkeun:
a.       Freewriting
Alirkeun gagasan-gagasan original ngaliwatan tulisan dina salembar kertas atawa ngetikna ngaliwatan computer. Teu perlu sieun yén idena hade atawa goréng, masalah grammar, jeung nu séjénna. Tuliskeun gagasan nu kaluar sacara spontan luyu jeung waktu nu geus ditangtukeun.
b.      Listing/Bulleting
Dina téknik ieu pamilon dipundut pikeun nuliskeun daptar ide-ide nu kaluar dumasar topik-topik anu tangtu. Ieu bisa mantuan pikeun ngalegaan perspektif mengenai masing-masing topik.
c.       Cubing
Teknik ieu ngamungkinkeun pikeun ngembangkeun topic tina genep arah nya éta deskripsi pasualan, babandingan, panyaluyuan, analisis masalah, panerapan sarta ayana pro jeung kontra kana problem solving nu dipaké.
d.      Dictionaries, thesauruses, encyclopedias
Ieu téknik jadi favorit khalayak loba lantaran ku bantuan kamus atawa encyclopedia bisa ngembangkeun pamikiran dumasar rebuan kecap nu aya dina éta kamus. Istilah nu dipaké pikeun kecap galeuh ngaréngsékeun pasualan bakal didéfinisikeun ku kamus dibarengan ku alternative kecap-kecap séjé nu bisa dipaké.
e.       Journalistic Questions
Téknik ieu make daftar patalékan nu sering dipaké ku para wartawan nya éta 5W jeung 1H ngalingkupan What, Who, When, Where, Why, jeung How. Tuliskeun masing-masing element kasebut dina lembar nu béda. Tuliy asupkeun gagasan-gagasan anyar pikeun ngajawab rupa-rupa elemen éta patalékan.
E. Model Perangkat Brainstorming
Kiwari loba tools atawa perangkat manajemen nu bisa diaplikasikeun pikeun ngadukung sesi brainstorming di unggal pausahaan. Urang bisa meunang gambaran singkat ngeunaan sababaraha tools manajemen nu dipaké dina téknik brainstorming dina runtuyan dihandap:
a.       SWOT Analysis
Ieu modél bisa dipaké pikeun nganalisis hiji perkara ngaliwatan kakuatan, kahéngkéran, poténsi, jeung ancaman nu bakal disanghareupan. Tina analisis éta, urang bisa ngumpulkeun data-data anyar pikeun meunangkeun solusi masalah.
b.      PEST Analysis
PEST mangrupa singgetan tina Political, Economic, Social jeung Technological. Model ieu dipaké pikeun nganalisis tren pasar nu mangpaat pikeun kapentingan dunya bisnis jeung organisasi-organisasi nu tangtu.
c.       The Four Agreement
Dipaké pikeun ngembangkeun kamampuh jeung kaparigelan individu dina hiji pausahaan.
d.      Leadership Attributes
Hiji perangkat manajemen nu miboga fungsi pikeun ningkatkeun kualitas kapamingpinan di antara para manajer pausahaan.
e.       Negotiation Process
Bisa dipaké ku para staf penjualan salaku salasahiji téknik pikeun ngajalin hubungan jeung para klien sarta meunangkeun proses negosiasi.
f.       Delegation Model
Perangkat ménéjemen ieu bisa dipaké pikeun ngaéféktifkeun pendélégasian pancén jeung wewenang. Tujuana sangkan masing-masing divisi bisa ngaréngsékeun pancén tepat waktu luyu jeung target nu geus ditetepkeun pausahaan.

F. Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Brainstorming
Unggal métodeu sawala kelompok miboga kaonjoyan jeunng kahéngkéran. Umpama dilaksanakeun kalayan hade téknik brainstorming bisa ngahasilkeun ideu-ideu anyar salaku solusi dina masalah keur nu disanghareupan. Lian ti éta ogé pamilon bébas ngaluarkeu ideu.
Kahéngkéran dina brainstorming nyaéta sok aya dominasi hiji kélompok. Lian ti éta pamilon kudu nungguan giliran pikeun népikeun pamadeganana.

G. Tahap-Tahap Ngalaksanakeun Brainstorming
a.       Tahap tatahar jeung Sesi Brainstorming
Léngkah-léngkah brainstorming :
1.       teangan tempat nu nyaman jeung tata rohangan.
2.       Kumpulkeun pamilon ti rupa-rupa disiplin ilmu sangkan loba pariasi ideu kréatip.
3.       pilih salah saurang pasilitator pikeun mandu.
4.       pasilitator kudu bisa nyieun suasana nyaman.
5.       nalika brainstorming lumangsung pamilon bébas ngaluarkeun pamadegan.
6.       tunjuk salah saurang pikeun jadi recorder nu pancena nyatet lumangsungna kagiatan.
7.       moderator jeung pamilon teu meunang neleuman ideu nu dikaluarkeun sangkan ideu kaluar sacara bébas.
8.       dina prosés pangajénan pasilitator ngolompokeun ideu-ideu kréatip dumasar kana topik-topik anu tangtu.
9.       umpama brainstorming geus lila lumangsung, istirahat sakeudeung.
b. Tahap Nyokot Kacindekan
Lengkah-lengkah nyokot kacindekan :
1.       pake métode voting.
2.       sésakeun 10 gagasan anyar pikeun dipilih ku pamilon  sawala.
3.       sarengsena nyésakeun 10 gagasan sésakeun 5 gagasan.
5.       tuluy jieun matriks lima baris lima kolom, tulis daptar gagasan nu geus dipilih dina baris matriks, sedengkeun dina kolom matriks eusian misalkeun segi waragad, efektifitas waktu, jsté.
6.       Panel sawala nyawalakeun gagasan mana nu panghadena pikeun solusi éta masalah.
c. Metode Nyokot Kacindekan
Dina nangtukeun kacindekan métode nu dipake nyaéta :
  • Delphi Decision Making
Sajumlah ide nu geus disapukkan bakal dikirim ka sajumlahing réspondén nu mangrupa ahli tina widangna masing-masing. Tujuanna pikeun ngaéliminasi kapentingan pribadi. Lian ti éta ogé pikeun méré solusi anu akurat. Tuluy saréngséna kitu kaputusan ahir aya di panel sawala.
  • Dialectic Decision Making
Apabila Anda menerapkan metode ini dalam mengambil kacindekan maka panel sawala akan membagi tim kerja menjadi dua kelompok yaitu tim pro dan kontra. Masing-masing tim diminta untuk membuat proposal tentang ide-ide yang saling bertentangan tersebut.
Dina nyokot kaputusan panel sawala dibagi kana pro jeung kontra.  Tuluy unggal tim presentasi prososal di forum. Gabungan dua proposal nu dikompromikeun bisa jadi solusi panghadéna pikeun ngaréngsékeun masalah kelompok.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar