Jumat, 25 Februari 2011

Basa Rahayat (folklor)

Folklor numutkeun Jan Harold Brunvand, ahli folklor AS, dumasar kana tipena folklore dibagi jadi tilu kelompok  nya éta;
1.      folklor lisan
Nya éta folklor anu wangunna bener-bener lisan. Nu kaasup kana jenis folklor lisan nya éta: (a) basa ra’yat (folk speech) saperti logat , julukan kalungguhan tradisional jeung gelar kabangsawanan; (b) ungkapan tradisional saperti paribasa, babasan, uga jeung pameo; (c) patalekan tradisional saperti tatarucingan; (d) puisi ra’yat saperti pantun, wawacan, jangjawokan, jste; (e) carita ra’yat, saperti mite, dongeng, sasakala, jste; (f) kakawihan.
2.        folklor sabagian lisan
nya éta folklor anu bentukna mangrupa campuran unsur  lisan jeung unsur non lisan. Nu kaasup kana jenis folklor  ieu nya éta kapercayaan ra’yat, kaulinan,  teater, tari, adat istiadat, upacara, hajat, jsb.
3.        folklor non lisan
nya éta folklor  anu wangunna lain lisan sanajan cara nyieunna diajarkeun sacara lisan. Nu kaasup kana kelompok ieu nya éta arsitektur jeung obat-obatan tradisional.
Nu kaasup folklor lisan nya éta basa ra’yat. Basa ra’yat nya éta basa nu dipake ku ra’yat dumasar kana wewengkon masing-masing. Salian ti éta Basa ra’yat oge dipake dina mere ngaran. Wangun sejen tina basa ra’yat nya éta basa bertingkat (speech level). Bahasa ieu lumaku dimasarakat nu ngabogaan sistem pamarentahan anu bentukna karajaan. Wangun pamungkas tina basa ra’yat nya éta onomastis nya éta ngaran tradisional hiji tempat anu miboga sajarah asal muasal hiji tempat.
Basa ra’yat diwangun ku basa dialék tiap wewengkon.dihandap baris dipedar ngeunaan dialék jeung wewengkon.
2.1 Wangenan Dialék
Istilah dialék asalna tina basa Yunani dialéktos, anu hartina kaayaan hiji basa.
Dina KUBS (1990:110) ditétélakeun yén dialék téh nya éta basa wewengkon. Sedengkeun Dina KBBI (1989:204) ditétélakeun nya éta (1) ungkara anu has anu dipiboga ku daerah atawa kelompok; (2) basa nu dipake di hiji tempat atawa daerah anu béda jeung basa umum; logat.
Weijinan dina Ayatrohaédi (1979:1) nétélakeun yén dialék nya éta mangrupa hiji sistem kabahasaan anu digunakeun ku hiji masarakat pikeun ngabédakeun jeung masarakat lianna anu ngagunakeun sistem anu béda tapi raket patalina.
Gorys Keraf (1984:18) nétélakeun yén anu maksud dialék nya éta idiolék anu ditandaan ku ciri-ciri anu has dina tata sora, kecap-kecap, ungkara-ungkara, jste. Faturohman (1982:3) nétélakeun yén dialék téh nya éta variasi basa anu dipaké  ku masarakat di wewengkon. Ieu pamadegan luyu jeung anu ditepikeun ku Sudaryat (1991:128) nya éta ragam basa nu béda-béda disawang ti para pamakéna.
Kridalaksana (1984:38) nétélakeun yén nu dimaksud dialék nya éta variasi basa anu béda-béda nurutkeun pamakéna; variasi basa nu dpaké ku kelompok bahasawan di tempat anu tangtu (dialék regional), atawa ku golongan nu tangtu ti hiji kelompok bahasawan (dialék sosial), atawa ku kelompok bahasawan anu hirup dina waktu nu tangtu (dialék temporal).
Dialék nya éta hiji sistem kabahasaan nu ditandaan ku ciri-ciri, digunakeun ku hiji masarakat di wewengkon anu tangtu pikeun ngabédakeun jeung wewengkon sejénna tur ragam basana tapi raket patalina.
2.1.1 Ciri Basa Dialék
Nurutkeun Sudaryat (1985:8-9) ciri utama nu ngabedakeun basa lulugu jeung basa dialék/wewengkon, kitu deui hiji basa dialék/wewengkon jeung basa dialék/wewengkon séjénna, nya éta lentong (intonasi) jeung kandaga kecapna nu diwincik éta dua ciri ngawengku hal-hal saperti kaunggel dihandap.
a. Fonologi
Bedana fonologi basa lulugu jeung basa dialék téh dina ngucapkeun sora basa.
Contona:
Basa Lulugu
Basa Wewengkon
Di ditu
Na ditu
Di dieu
Na dieu
Manéh
Nyanéh
Kamar
Kamer
Ganas
Danas
Surabi
Sorabi

Tina conto di luhur katangén yén bedana sora bisa dina vocal atawa dina wianjana/konsonan.
b. Morfologi
béda morfologis diwatesan ku ayana sistem katata basaan anu béda, frekuensi maorfem nu béda, fungsina di wewengkon masarakat pamakéna, wujud fonologisna, jeung kakuatan rasa basana. Ieu téh ngalahirkeun serepan (inovasi) dina basa.
Contona:   -     lemper sok jadi lelemper
-          Tenong sok jadi tetenong
-          Alem sok jadi aleman
-          Cungkil sok jadi cucungkil

c. Semantik
bédana semantik basa lulugu jeung basa dialék téh muncul balukar makéna kecap anyar dumasar kana robahna sora katut wangun kecapna nepi ka harti anu dikandungna robah. Bédana semantic téh ngawengku dua hal, sinonim jeung homonim
1). Sinonim nya éta lambang anu beda pikeun objek anu sarua.
Contona:
Basa lulugu
Basa wewengkon
Lieur
Menit
Moal eunya
Ilok
Lontong
Loganda
Hui
Mantang
Gebog
Telebug
Pane
Dulang
  
2). Homonim nya éta lambang anu sarua pikeun objek anu béda.
a. Homograf, nya éta tulisan anu sarua pikeun objek anu béda.
Contona:
Basa lulugu
Basa wewngkon
Rusuh
Rusuh
(Gancangan)
(gelut,riributan)

b. homofon nya éta sora anu sarua pikeun objek anu béda.
Contona:
-          Bank = hiji lembaga tempat nyieun duit
-          Bang  = sesebutan keur lalaki saluhureun
2.1.2 Ragam-ragam Dialék
Ragam basa atawa dialék ditangtukeun ku sababaraha faktor, diantarana faktor waktu, tempat, sosiobudaya, situasi, jeung mediana (Ayatrohaedi, 1979:13). Dumasar kana hal éta sacara garis badag dialék dibagi jadi tilu kelompok. Nya éta (a) dialék 1; (b) dialék 2 ; jeung (c) dialék sosial.
  1. Dialék 1
Dialék 1, nya éta dialék anu dibalukarkeun ku kaayaan alam sabudeureun dialék éta digunakeun. Dialék 1 dihasilkeun ku dua faktor nya éta waktu jeung tempat. Contona, basa sunda nu dipaké di daérah Kuningan, nurutkeun sajarahna éta basa asli Kuningan sarta nurutkeun tempatna basa éta téh digunakeun di Kuningan wungkul.
  1. Dialék 2
Dialek 2, atawa dialékte regional, nya éta basa nu digunakeun di luar daerah nu makéna (Ayatrohaedi, 1979). Contona basa sunda nu digunakeun di daérah Cirebon-Sunda disebut dialek regional 1 sedengkeun basa sunda nu digunakeundi daérah Cirebon-Jawa (Cirebon, Indramayu) disebut dialék regional 2.
  1. Dialék sosial
Dialék sosial a\tawa sosiolecte, nya éta ragam basa anu di gunakeun ku kelompok anu tangtu, anu ngabedakeun jeung kelompok lianna (Ayatrohaedi, 1979:15). Anu kaasup kana kelompok ieu nya éta kelompok umur, pagawean, kagiatan, jenis kelamin, pendidikan, jste. Contona, basa atawa istilah-istilah anu digunakeun ku kaum patani.
2.1.3 Géografi Dialék
Dubois dina rohaedi (1983:29) nétélakeun yén géografi dialek the nya éta :
 ”cabang dialéktologi yang mempelajari hubungan yang terdapat di dalam ragam-ragam bahasa, dengan bertumpu pada suatu ruang atau tempat terwujudnya ragam-ragam tersebut’.
Ari Jabreg dian rohaedi (1983:29), nétélakeun oge yén:
“géografi dialék menyajikan hal-hal yang bertalian dengan pemakaian anasir bahasa yang diteliti pada saat penelitian dilakukan sehingga dapat dibuktikan”.
2.1.4  Péta basa
Gambaran umum ngeunaan dialék saperti nu disabit-sabit di luhur bakal jelas lamun sakabeh gejala kabahasaan dipétakeun. Ku kituna kalungguhan jeung peran péta basa dina kajian géografi dialék mangrupa hiji hal anu mutlak dilakukeun.

2.2 Basa Sunda Wewengkon
Nya éta ragam basa nu mibanda ciri-ciri husus tur mandiri sarta dipake ku masarakat sunda di wewengkon sewang-séwangan keur ngabédakeun diri jeung wewengkon lianna (Sudaryat,1991:130).
Basa Sunda wewengkon di hiji daerah nu mibanda sasaruaan dina adegan kecap jeung kandaga kecapna, bisa dijadikeun patokan pikeun masarakat éta daerah. Basa Sunda wewengkon béda jeung basa Sunda lulugu.
2.2.1 Tujuan Basa Sunda Wewengkon
a. heunteu ngangap enteng kana basa-basa wewengkon anu aya di tatar Sunda;
b. sadar kana rupa-rupa variasi basa (ka-Bineka Tunggal Ika-an) basa sunda;
c. sadar yen basa Sunda katut dialékna raket patalina jeung basa dulur liana di Nusantara;
d. reueus kana kandaga kecap basa sunda kawas nu katempo tina versi-versi téa; jeung
e. ngajén kana basa wewengkon lian nepi ka sadar yén basa wewengkon téh gedé gunana enggoning basa Sunda lilugu.
2.3 Conto Kecap Basa Ra’yat
No
Kecap Wewengkon
Kecap Lulugu
1.
Aa
Bapa
2.
Abah
Aki
3.
Abon
Hui boled
4.
Agéh-agéh
Buru-buru
5.
Aleman
Ogo
6.
Babancetan
Ucing sumput
7.
Badog
Begal
8.
Bagong
Babi
9.
Bapana
Salaki
10.
Beca
Opak sampeu
11.
Beleketek
Tumis sesa
12.
Béléténg
Galendo
13.
Bengék
Mengi
14.
Besék
Pipiti
15.
Bintang
Bentang
16.
Biting
Nyere
17.
Bobojeg
Cukil
18.
Budeg
Conge
19.
Burung
Gelo
20.
Cabe kiriting
Cabe areuy
21.
Cacanting
Gayung
22.
Canting
Leteran beas
23.
Capeu
Sampeu
24.
Capit
Sandal
25.
Celem
Angeun
26.
Ceplek
Sandal
27.
Ceuceu
Teteh
28.
Delitan
Belikan
29.
Dewek
Anjeun
30.
Éngklék
Solanah
31.
Enok
Eneng
32.
Galak
Barangasan
33.
Geledeg
Guludug
34.
Gmét
Comro
35.
Goah
Gudang
36.
Goang
walungan

2 komentar: